Lirik Lagu : Salempay Sutra - Mang Koko
Judul Lagu : Salempay Sutra
Ciptaan : Mang Koko
Salempay sutra disulam jeung dikarawang
Tawis soca ti jungjunan
Duh...... ti jungjunan
Salempay sutra disulam mangrupa Kembang
Tawis asih ti kakasih
Duh.......... ti kakasih
Ngaraketkeun hubungan batin duaan
Mupus waswas jeung cangcaya
Dijuruna disulam ngaran singgetan
Ngaran kuring jeung manehna
Salempay sutra disulam jeung dikarawang
Tawis soca ti jungjunan
Duh...... ti jungjunan
Hiji tawis soca duh.. salempay sutra
Jadi jimat pangreugreug ati
Disulam Karawang duh.. salempay sutra
Geuning ngidem harepan
Salempay sutra disulam mangrupa Kembang
Tawis asih ti kakasih
Duh.......... ti kakasih