Lirik Lagu : Reumis Beureum - Mang Koko
Judul Lagu : Reumis Beureum
Ciptaan : Mang Koko
Bray balebat pangharepan
Hayam raong patembalan
Ngadigdig nyungsi laratan
Neangan sugan jeung sugan
Ka mana atuh panutan
Basa lembur kahuruan duh kahuruan
Jol ka lamping suku gunung
Ditempo sugan di kedung
Didongdon sugan ka lisung
Ka sawah sugan ka saung
Panutan... geuning bet suwung
Piraku rek niat pundung... rek niat pundung
Harita teh geus byar-brayan
Basa datang ka sampalan ieuh...
Kembang eurih pareng nebak
Barodas baseuh cimata
Harita teh geus nyay-nyayan
Asa wirasat nu datang ieuh...
Reumis beureum dina eurih
Bareureum baseuh ku geutih
Gok amprok reujeung manehna
Keur sare bangun nu tibra
Imut mapag langit jingga
Kembang eurih sasarapna
Aduh..... geuning bareureum rupana
Aduh....... duh... nu sare dewang dadana