Lirik Lagu : Ngalamun - Mang Koko
Judul Lagu : Ngalamun
Ciptaan : Mang Koko
Lamun beunghar entong kapalang
Lalugina taya kakurang
Pasti cumpon kabéh kahayang
Henteu kudu sungkan berjuang
Aduh kabiruyungan, Aduh kasinugrahan
Kemis jumah sabtu minggu
Unggal poé jadi ratu
Unggal poé ganti baju,
Ganti sepatu Ganti menu
Lamun beunghar tembong komara
Ngunjal harta tambah sugema
Apik ngirit dunya barana
Sangkan reugreug numpuk pakaya
Aduh kabiruyungan, Aduh kasinugrahan
Ratus rébu laksa juta
Unggal réngkak ngulak harta
Sungkan rémpan samar rampa
Darah tinggi sawan kuya
Mun beunghar moal kapalang
Ngeduk untung ngunjal harta tanpa berjuang
Euleuh, Euleuh ku lahuta narekahan kawiwaha
Mas picis kumarincing
Engké pakaya dipaling...
Arék caringcing
Beurang hudang peuting nyaring
Rék ngukut anjing,
Geusan ngaping ngalingling jeung ngajaring
Geus beunghar poho kana wiwitan
Piraku kapan jeung kasadaran
Sadarna pinuh ku ka untungan
Usaha sosial teu némbongan
Eh...tukang mere maweh
Iraha? ka saha?
Ka anu daréhdéh
Bohong, bohong
Sosial ka kabéh nu saréh soléh
Lumah lameh pangoloan butuh ku receh/ngan ukur hese
Luhur pangkat pada ngajénan
Unggal waktu seubeuh laporan
Ka bawahan mahal pujian
Talang tulung nyanding harepan
Aduh kabiruyungan Aduh kasinugrahan
Tahun satu dua tiga
Unggal taun naék tahta
Unggal waktu teu kagoda
Unggal waktu uang jasa
Luhur pangkat gedé kawasa
Rukal rikel nyusun rencana
Mundar mandir mancanegara
Ujag ajig rapat sawala
Aduh kabiruyungan Aduh kasinugrahan
{One two three four free for three one
Bahasa ingris tatambalan
Dasar hirup roroyalan
Nyebar mencar popotongan}
Téknis médis luas leuwis
Inspirasi gadis manis
Praktis tahtis siholohis
Ekonomis tapi rastis
Mun pangkat pesat roronjat
Cungcat cingcet rikat jilat Pangemat hormat
Euleuh, euleuh ku sarakah
Pamolah ngarah ngarinah
Rék saba luar nagri
Kudu rébo ku kanyaho
Aeh...Pinter pidato
Kudu paham basa ingris
Ah...Teu jadi poko
Cukup renyuh jeung peta lir nu pégo
Mun jilat jalma kurang simpati
Mun kitu perlu indoktrinasi
Piwejang omong hese ka harti
Mending hojah praktis tapi bukti
Eh kapan kanyaah
Iraha? ka saha?
Ka nu sok dititah
Bohong, Bohong
Someah balabah ka unggal sirah
Anu lilah leah sadrah Dijieun budak