Lirik Lagu : Hariring Nu Kungsi Nyanding - Mang Koko
Judul Lagu : Hariring Nu Kungsi Nyanding
Ciptaan : Mang Koko
Purnama nu kungsi leungit
Ayeuna nganjang ka buruan deui
Anu kungsi ka piati
Kiwari urang ditepangkeun deui
Hariring nu kungsi nyanding
Ayeuna datang ngahaleuang deui
Hayu pataréma tineung
Cacapkeun meungpeung aya kasempetan
Ayeuna mangsa nu éndah
Hayu urang suka bungah
Caang bulan opat belas
Narawangan haté bangblas
Ayeuna mangsa nu éndah
Hayu urang suka bungah
Caang bulan opat belas
Narawangan hate bangblas
Purnama nu kungsi leungit
Ayeuna nganjang ka buruan deui
Anu kungsi ka piati
Kiwari urang ditepangkeun deui
Hariring nu kungsi nyanding
Ayeuna datang ngahaleuang deui
Hayu pataréma tineung
Cacapkeun meungpeung aya kasempetan
Ayeuna mangsa nu éndah
Hayu urang suka bungah
Caang bulan opat belas
Narawangan ati bangblas
Ayeuna mangsa nu éndah
Hayu urang suka bungah
Caang bulan opat belas
Narawangan ati bangblas