Lirik Pupuh : Ladrang
Watek Pupuh: Ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran
Guru wilangan/ Guru lagu: 10-i, 4-a, 8-i, 12-a
Laras Pelog
PUPUH LADRANG : MOKAHAAN
Aya hiji anak bangkong leutik 10-i
Mokahaan 4-a
Maksudna ngelehkeun sapi 8-i
Nahan nafas antukna bitu beuteungna 12-a
Pupuh Ladrang : Aya Hiji Sato Leutik
Aya hiji rupa sato leutik
Engkang-engkang, engkang-engkang
Sok luluncatan di cai
Ari bangun arek sarupa jeung lancah
Panambih:
Coba teguh masing telik
Eta gambar sidik-sidik
Sato naon kitu wanda
Reujeung dimana ayana
———————
Laras:
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&)
Titimangsa: 11 September 2004
Sumber:
[www.angeltowns3.@]
Pupuh Ladrang : Coba Teguh
Coba teguh masing teleuk telik
Eta gambar, Eta gambar
Sugan nyaho ujang nyai
Sato naon rejeng dimana ayana
Nu kadua aneh aya ceuli
Nu gunana, Nu gunana
Beda jeung ceuli nu galib
Ceuli naon
Tuduhkeun lebah gambarna
Panambih:
Coba teguh masing telik
Eta gambar sidik-sidik
Sato naon kitu wanda
Rejeng dimana ayana
Nu kadua aya ceuli
Ceuli naon sing taliti
Ceuli beda ti biasa
Tuduhkeun dina gambarna