Wednesday 22 February 2017

Lirik Pupuh : Balakbak - Pupuh Sunda

Baca Juga Lirik :

Lirik Pupuh : Balakbak - Pupuh Sunda

Lirik Pupuh Balakbak

Watek : pikaseurieun.
1 pada : = 3 padalisan.
Guru Wilangan dan Guru Lagu : 15-é, 15é, 15-é

Aya warung sisi jalan rame pisan – Citameng (15-e)
Awewena luas luis geulis pisan – ngagoreng (15-e)
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet – nyanggereng (19-e).

Panambih:
Aya warung sisi jalan
Rame pisan ku nu jajan
Tihothat nu ngaladangan
Nu jarajan sukan-sukan
————————-
Laras: Madenda
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan
Titimangsa: 26 Agustus 2004

Pupuh Balakbak : Aya Monyet
Laras : Degung
Surupan : 5 = kenong/loloran

Bebas Wirahmah

Aya monyet ting guntayang dina tangkal - Nerekel (15-e)
Jalu bikang jeung anakna sukan sukan - Rarecet (15-e)
Tingcalekroh (tingcalekroh) ngakanan manggu nu asak - Teu repeh (19-e)

Kocap aya begog nu misah sorangan - Garetek (15-e)
Kulit manggu pirang - pirang dihakanan - Diseget (15-e)
Dipiceunan (dipiceunan) sabab pait karasana - Molelel (19-e)

Katenjoeun ku indungna dicontoan - Dipesek (15-e)
Nu dihakan eusina anu barodas - Amis teh (15-e)
Geus kitu mah (geus kitu mah) anakna ngarasa bungah - Nyerengeh  (19-e)


Pupuh Balakbak : Aya Manuk
Aya manuk entep dina regang dahan - cinenten
Ucing ngintip ngadepong asoy-asoyan - si emeng
Sanggeus deukeut,(sanggeus deukeut) dirontok arek dihakan - bermanten

Ucing sial tigebrus dasar keur sial - kusue
Hanas ngintip titadi ges lila pisan - kerenyeng
Kari-kari (kari-kari) kalah ti gebrus cilaka - si emeng

Kabeneuran ku jalma anu rek nimba - katangen
Ditulungan ucing di asongan timba - nyanggereng
Pek ditarik, (pek ditarik) ati-ati lalaunan - dikerek

Geus kaluhur si emeng gancang jleng luncat - ngelemes
Uang-eong nganuhunkeun kanu haat - ges ngerek
Tadina mah, (tadi na mah) disangkana eta jalma - rek goreng


Pupuh Balakbak : Dayeuh Bandung
Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame - araheng,
Gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunna - alagreng,
Tutumpakan-tutumpakan balawiri lalar liwat - garandeng.

loading...
Disqus Codes
  • To write a bold letter please use or
  • To write a italic letter please use or
  • To write a underline letter please use
  • To write a strikethrought letter please use
  • To write HTML code, please use or
    or

    And use parse tool below to easy get the style.
Show Parser Box

strong em u strike
pre code pre code spoiler
embed