Wednesday 22 February 2017

Lirik Pupuh : Asmarandana - Pupuh Sunda

Baca Juga Lirik :

Lirik Pupuh : Asmarandana - Pupuh Sunda

Lirik Pupuh : Asmarandana
Laras : Salendro
Watek : silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.
1 Pada : = 7 padalisan.
Guru wilangan jeung guru laguna nyaéta 8i, 8a, 8o/e, 8i/a, 7i/a, 8u, 8a [7 padalisan]

Éling-éling mangka éling [ 8i ]
Rumingkang di bumi alam [ 8a ]
Darma wawayangan baé [ 8o/e ]
Raga taya pangawasa [ 8i/a ]
Lamun kasasar lampah [ 7i/a ]
Nafsu nu matak kaduhung [ 8u ]
Badan anu katempuhan [ 8a ]

Panambih:
Eling-eling masing eling
Di dunya urang ngumbara
Laku lampah nu utama
Asih ka papada jalma
Ucap tekad reujeung lampah
Tingkah polah sing merenah
Runtut rukun sauyunan
Hirup jucung panggih jeung kamulyaan

——————-
Laras: Salendro
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan
Titimangsa: 26 Agustus 2004
Sumber:
[geocities.@]
[www.angeltowns3.@]

PUPUH ASMARANDANA AYA NU LUMPUH MUSAPIR

Laras : Pelog/Degung
Surupan : 1 =1 Tugu

Bebas Wirahmah

Aya nu lumpuh musapir
Bari sila sisi jalan
Kadupak kanu lolong
Anu keur baling siar
Nenangan sandang pangan
Anu lolong gebut labuh
Anu kadupak katindihan

Duanana pada nyeri
Anu kadupak nyarekan
Nu ngadupak bati bengong
Sasadu menta hampura
Lantaran heunteu awas
Ahirna pada sasadu
Pedah pada henteu terang

Akhirna jadi ngahiji
Sosobatan dalit pisan
Ki lumpuh terus di akod
Ku ki lolong anu bedas
Tatapi heunteu awas
Ku pitulungna ki lumpuh
Bisa ngider ka mamana

Tandak Panambih : Pupuh Asmarandana
Gerakan : Sedeng

Nu lolong teu bisa ningal
Nu lumpuh teu bisa leumpang
Mun pareng pada barengal
Antukna pabedang-bedang

Nu lumpuh reujeung nu lolong
Mun daek garotong royong
Nu lumpuh sadrah di gandong
Nu lolong moal ti tajong

Pupuh Asmarandana :  Éling-éling murangkalih
Éling-éling murangkalih,
kudu apik jeung berséka,
ulah odoh ka pangangggo,
mun kotor geuwat seuseuhan,
soéh geuwat kaputan,
ka nu buruk masing butuh,
ka nu anyar masing lebar.

Nu rujit mawa kasakit
Mawa cela ka salira
Katénjo ku batur awon
Tungtungna urang dihina
Ku pada babaturan
Batur téh geus tangtu embung
Babarengan eujeung urang

loading...
Disqus Codes
  • To write a bold letter please use or
  • To write a italic letter please use or
  • To write a underline letter please use
  • To write a strikethrought letter please use
  • To write HTML code, please use or
    or

    And use parse tool below to easy get the style.
Show Parser Box

strong em u strike
pre code pre code spoiler
embed