Sunday 30 April 2017

Lirik Pupuh : Maskumambang - Pupuh Sunda

Baca Juga Lirik :

Lirik Pupuh Maskumambang - Pupuh Sunda

Lirik Pupuh : Maskumambang - Pupuh Sunda
Watek Pupuh: Ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes hate [kesedihan yang mendalam, rasa prihatin.]
Guru wilangan/ Guru lagu:  12 - i, 6 - a, 8 - i, 8 - a 
Padalisan: 4 

Hey manusa mana kaniaya teuing  12-i
Teu aya rasrasan  6-a
Kawula make disumpit  8-i
Naha naon dosa kula  8-a 

Naha abong-abong teuing 12-i
Nasib abdi jadi hewan  6-a
Digawekeun beurang peuting  8-i
Dirangket taya rasrasan  8-a 

  • Lirik Pupuh Maskumambang
Laras : mandenda / nyorong
surupan : 4 = T

Bebas Wirahma

Itu kusir bangun ambek-ambek teing
Turun tina delman
Kuda dipecutan tarik
Teu aya pisan ras-rasan

Teu ngaraskeun bong kena ka sato laip
Padahal mogokna
Lantaran geus cape teuing
Hayang ngaso eureun heula

Coba lamun aya nu nenggel ka kusir
Geus tangtu karasa
Nyeri moal salah deui
Sato ge kitu sarua

Tandak panambih : Pupuh Maskumambang
Gerakan : sedeng

Naha abong abong teuing
Nasib abdi jadi hewan
Digawekeun berang peting
Dirangket taya ras rasan

Abong kena abdi sato
Teu ngaraskeun kana cape
Sadidinten paeh poso
Mogok soteh awak lungse

Coba kusir mun di peupeuh
Pasti nyeri karasana
Sato oge tangtu leumpeuh
Pada-pada boga rasa

loading...
Disqus Codes
  • To write a bold letter please use or
  • To write a italic letter please use or
  • To write a underline letter please use
  • To write a strikethrought letter please use
  • To write HTML code, please use or
    or

    And use parse tool below to easy get the style.
Show Parser Box

strong em u strike
pre code pre code spoiler
embed