Lirik Pupuh : Sinom
Watek : Menggambarkan rasa gembira (gumbira) atau rasa sayang (kadeudeuh).
Unggal Pada diwangun ku salapan Padalisan.
Guru Wilangan dan Guru Lagu : 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a
Harta pada nareangan 8-a
Harti pada nyararungsi 8-i
Sabab duanana guna 8-a
Harti bisa mere bukti 8-i
Harta pon kitu deui 7-i
Bisa ngabul nu dimaksud 8-u
Nedunan sakahayang 7-a
Tapi harta gampang leungit 8-i
Munguh harti mangpaat dunya akherat 12-a
Panambih :
Harta pada nareangan
Harti pada narambahan
Harta harti sarua guna
Pada bisa mere bukti
Bisa hasil sapaneja
Sok nyumponan cita cita
Harta harti sok mangpaat
Dapon diraksa taliti
Harta pada nareangan
Harti pada narambahan
Harta harti sarua guna
Pada bisa mere bukti
Bisa hasil sapaneja
Sok nyumponan cita cita
Harta harti sok mangpaat
Dapon diraksa taliti
Contona Pupuh Sinom :
Di wetan fajar balebat ( 8 – a )
panon poe arek bijil ( 8 – i )
sinarna ruhay burahay ( 8 – a )
kingkilaban beureum kuning ( 8 – i )
campur wungu saeutik ( 7 – i )
kaselapan semu biru ( 8 – u )
tanda Batara Surya ( 7 – a )
bade lumungsur ka bumi ( 8 – a )
murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 – a )
Pupuh Sinom Warna Lauk
Warna-warna lauk empang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna Rengganis ninggali
Warnaning lauk cai
Lalawak pating suruwuk
Sepat pating karocepat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing, sisi balungbang
Panambih:
Harta pada nareangan
Harti pada narambahan
Harta harti sarua guna
Pada bisa mere bukti
Bisa hasil sapaneja
Sok nyumponan cita-cita
Harta harti song mangpaat
Dapon diraksa taliti
———————-
Laras: Madenda
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&)
Titimangsa: 11 September 2004
Sumber:
[geocities.@]
[www.angeltowns3.@]
PUPUH SINOM : TATAR SUNDA
Watek Pupuh: Ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh sumanget
Guru wilangan/ Guru lagu: 8 a, 8 i, 8 a, 8 i, 7 i, 8 u, 7 a, 8 i, 12a
Padalisan: 9
Laras Madenda
Tatar Sunda estu endah,
lemah cai awit jadi,
sarakan asal gumelar,
amanat Ilahi Robbi,
titipan nini aki,
wajib dijaga dijungjung,
basa katut budayana,
padumukna luhung budi,
insya-Allah tatar Sunda karta harja