Friday, 28 April 2017

Lirik Pupuh : Kinanti - Pupuh Sunda

Lirik Pupuh : Kinanti - Pupuh Sunda

Lirik Pupuh : Kinanti 
Watek: Ngagambarkeun rarasaan keur ngadagoan (nungguan), salempang (deudeupeun), atawa rasa nyaah (kanyaah).  penantian, kekhawatiran, kecintaan
Guru Wilangan sarta Guru Lagu: 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i [6 Padalisan]

Budak leutik bisa ngapung 8-u
Babaku ngapungna peuting 8-i
Nguriling kakalayangan 8-a
Neangan nu amis-amis 8-i
Sarupaning bungbuahan 8-a
Naon bae nu kapanggih 8-i

Panambih:
Ari beurang ngagarantung
Pinuh dina dahan kai
Disarada patembalan
Nu kitu naon ngaranna
————————
Laras: Salendro
Vokal: Seniman/wati RRI Bandung
Sumber: Dokumen RRI Bandung
Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.com)
Titimangsa: 3 September 2004

Berikut pupuh Kinanti karya R. Memed Sastrahadiprawira
Panganten Bandung” (dalam Parahiyangan Taun I nomer 31, 1 Agustus 1929).

Ngibingna lungguh tur ampuh (8u)
Matak heroy para istri (8i)
Anu tadi ngais budak (8a)
Poho mawa anak leutik (8i)
Budak kapaduk ngagoak (8a)
Mata deudeuh aci teuing (8i)

Terjemah Bahasa Indonesia
Menarinya tenang dan ampuh
Membuat terpana para wanita
Yang tadi menggendong anak
Lupa ia sedang membawa anak kecil
Anak tersenggol berteriak
Mata menatap iba

PUPUH KINANTI : KANYAAH INDUNG
(Ngagambarkeun nu nungguan, deudeupeun atawa kanyaah)

Kanyaah indung mo suwung, (8-u)
Lir jaladri tanpa tepi, (8-i)
Lir gunung tanpa tutugan, (8-a)
Asihna teuing ku wening, (8-i)
Putra teh didama-dama, (8-a)
Dianggo pupunden ati. (8-i)

PUPUH KINANTI : BUDAK LEUTIK BISA NGAPUNG

Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Ngalayang kakalayangan
Néangan nu amis-amis
Sarupaning bungbuahan
Naon baé nu kapanggih

Sekar Tandak Pupuh Kinanti
Ari beurang ngagarantung
Eunteup dina tangkal kai
Disada kokoréakan
Cing hempék ku hidep pikir
Nu kitu naon ngaranna
Lolong lamun teu kapanggih


Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Néangan mah Néangan nu amis-amis

Sekar Tandak Pupuh Kinanti
Ari beurang ngagarantung
Eunteup dina tangkal kai
Disada kokoréakan
Cing hempék ku hidep pikir
Nu kitu naon ngaranna
Lolong lamun teu kapanggih

Contoh Pupuh Kinanti
Bandung geus heurin ku tangtung,
Nu datang ti mana mendi,
Loba nu ngadon usaha,
Atawa nu ngadon cicing,
Balatak ku nu daragang,
Matak heurin anu ulin

Toko-toko pararinuh,
Trotoar heurin ku parkir,
Pabeulit jeung nu balanja,
Pahibut nu barangbeuli,
Adu tawar ramé pisan
Kasawur ku sora mobil

sorana patinggarerung,
angkot pabeulit jeung taksi,
riweuh néangan panumpang,
pada-pada embung rugi,
puguh diudag setoran,
balik kudu meunang bati.

Kaki lima enggeus puguh,
wuwuh nambah heurin usik,
mémang raos nu balanja,
tapi heurin ka nu ulin,
Bandung kota keur balanja,
kota kembang salin jinis

Kuring hudang subuh-subuh, (8-u)
gura-giru tuluy mandi, (8-i)
geus mandi maké saragam, (8-a)
henteu poho maké dasi, (8-i)
geus dangdan tuluy sasarap, (8-a)
geus rapih mah tuluy indit. (8-i)

Naék angkot asa rusuh, (8-u)
asup gé henteu tarapti, (8-i)
diuk téh rada ngajengkang, (8-a)
diseungseurikeun ku supir, (8-i)
beungeut beureum sabab éra, (8-a)
da saangkot milu seuri. (8-i)

Naék angkot asa rusuh, (8-u)
asup gé henteu tarapti, (8-i)
diuk téh rada ngajengkang, (8-a)
diseungseurikeun ku supir, (8-i)
beungeut beureum sabab éra, (8-a)
da saangkot milu seuri. (8-i)

Panto gerbang geus ditutup, (8-u)
abong geus apes titadi, (8-i)
kalah ngadon kabeurangan, (8-a)
gerbang kaburu dikonci, (8-i)
kuring gugupay ka satpam, (8-a)
ménta gerbang buka deui. (8-i)
Satpam nyampeurkeun jamedud, (8-u)

saeutik ogé teu seuri, (8-i)
meureun keuheul digupayan, (8-a)
ku budak sapantar kuring, (8-i)
kuring ménta dihampura, (8-a)
pa satpam kakara seuri. (8-i)

Tatangkalan sari ngungun
langit sidik ngiring kingkin
mendung ngahalangan mega
hujan leutik ngaririncik
nambih-nambih katugenah
ka kuring nu keur prihatin

Sumber : https://bahasa-sunda.com/contoh-sunda/pupuh/contoh-pupuh-kinanti.html

Gusti Anu maha Agung
Anu sipat welas asih
Tetep nyaah ka umatna
Kum henteu diwiji-wiji
Ka sadaya Ciptaan-Na
Ka nu ageung ka nu alit

Urang Kedah muji sukur
Dipasihan hirup-hirup
Huripna ku katuangan
Pucuk daun buah beuti
Sasatoan, bubuahan
Sato darat sato cai

Katuangan nyambung umur
Welas asih Maha suci
Batan seep katuangan
Kalah seep huntu abdi
Kamurahan Gusti Alloh
Ulah rek diluli-luli

Dupi indung anu ngandung
Lamina salapan sasih
Tuluyna gubrag ka dunya
Abdi reuwas liwat saking
Abdi ceurik gogoakan
Loba anu balawiri

Kitu asih Maha Agung
Nu nyiptakeun bumi langit
Nyaah teu dibeda-beda
Mun manusa nu berbudi
Sukuran Allahu Akbar
Muji sukur siang wengi

Kenging : Badra Santana BKC

loading...

Related Posts

Disqus Codes
  • To write a bold letter please use or
  • To write a italic letter please use or
  • To write a underline letter please use
  • To write a strikethrought letter please use
  • To write HTML code, please use or
    or

    And use parse tool below to easy get the style.
Show Parser Box

strong em u strike
pre code pre code spoiler
embed