Lirik Lagu : Sagagang Kembang Ros - Mang Koko
Judul Lagu : Sagagang Kembang Ros
Ciptaan : Mang Koko
Sagagang kembang ros
Tawis pangbakti ka diri
Sulur waléh ti jungjunan,
Ieung asih nu wening.
Runtuyan haréwos
Jangji pasini katampi
Moal weléh mikahéman,
Ieuh asih nu wening.
Sarining kembang
Jatining asih
Jadi angkeuhan,
Duh... urang duaan.
Ngaca pangharepan
Panteng kayakinan
Na dasaring ati urang duaan.
Sagagang kembang ros
Tawis pangbakti ka diri
sulur waléh ti jungjunan,
Ieung asih nu wening.