Lirik Lagu : Bulan Langlayangan Peuting - Mang Koko
Judul Lagu : Bulan Langlayangan Peuting
Ciptaan : Mang Koko
Bulan teh langlayangan peuting enung....
Nu ditatar dipulut ku tali gaib
Entong salempang mun kuring miang
Ditatar di tatar Sunda
Dipulut nya balik deui ka dieu
Ieuh..... mah percaya.
Bulan teh langlayangan peuting enung...
Nu ditatar dipulut ku tali gaib
Entong salempang mun kuring miang
Ditatar di tatar Sunda
Dipulut nya balik deui ka dieu
Ieuh...... masing percaya.
Bedil geus dipeloran
Granat geus disorendang
Ieuh kuring arek miang
Jeung pasukan Siliwangi
Ka Jogja hijrah taat parentah
Bedil geus dipeloran
Granat geus disorendang
Ieuh kuring arek miang
Jeung pasukan Siliwangi
Ka Jogja hijrah taat parentah