Lirik Lagu : Kembang Tanjung Panineungan - Mang Koko
Judul Lagu : Kembang Tanjung Panineungan
Vocal : Euis Komariah
Ciptaan : Mang Koko
Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung rebun-rebun
Di pakarangan nu reumis keneh
Harita keur kakandungan ku hidep
Geus opat taun ka tukang
Ema nyipta mulung bentang
Nu marurag peuting tadi
Bentang seungit ditiiran pangangguran
Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung di buruan
Bet henteu sangka aya nu datang
Ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep
Nu opat poe teu mulang
Ngepung gunung pageur bitis
Cenah tiwas peuting tadi
Layonna keur kadieukeun dipulangkeun
Harita waktu layonna geus datang
Ema ceurik ieuh balilihan
Ras ka hidep aduh na kandungan
Utun inggi budak yatim deudeuh teuing
Harita waktu layonna digotong
Ema inget ieuh kana tanjung
Dikalungkeun na pasaran
Kembang asih panganggeusan ieuh ti duaan
Anaking jimat awaking
Lamun ema mulung tanjung reujeung hideup
Kasuat-suat nya pipikiran
Tapina kedalna teh ku hariring
Hariring eling ku eling
Kana tanjung nu dipulung Eeeh…..
Kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan
Nu nyeungitan hate urang panineungan