Lirik Lagu : Oleh Oleh Garut
Judul lagu : Oleh Oleh Garut
Ciptaan : Asep Kosasih SA
Arr : Didin Dhika
Album : Wisata Garut
Mun pareng angkat ka Garut
Tong hilap oleh-olehna
Rupi-rupi katuangan
Rupi-rupi karajinan
Dodol Garut, jeruk Garut nu kajojo tibareto
Oleh-oleh Garut kapitineung balarea
Ladu ti Malangbong opakna ti Bungbulang
Burayot ti Cangkuang Leles Pindang ecot mata heroy
Aya endog lewo, jeung aneka dodol Garut
Mangga carobian, tangtos bakal deudeuieun
Kade bilih lali rupi-rupi karajinan
Batik tulis nelah Garutan, Jeket kulit Sukaregang
Anyaman tina awi karajinan ti Samarang
Aya batu hias nu kasohor ti Bungbulang
Oleh-oleh Garut rupi-rupi
Katuangan sareng karajinan
Oleh-oleh Garut rupi-rupi
Pangirutan Garut kota Inten
Oleh-oleh Garut rupi-rupi
Katuangan sareng karajinan
Oleh-oleh Garut rupi-rupi
Pangirutan Garut kota Inten
Mun pareng angkat ka Garut Tong hilap oleh-olehna
Rupi-rupi katuangan Rupi-rupi karajinan
Dodol Garut, jeruk Garut nu kajojo tibareto
Oleh-oleh Garut kapitineung balarea
Ladu ti Malangbong opakna ti Bungbulang
Burayot ti Cangkuang Leles Pindang ecot mata heroy
Aya endog lewo, jeung aneka dodol Garut
Mangga carobian, tangtos bakal deudeuieun
Kade bilih lali rupi-rupi karajinan
Batik tulis nelah Garutan, Jeket kulit Sukaregang
Anyaman tina awi karajinan ti Samarang
Aya batu hias nu kasohor ti Bungbulang
Oleh-oleh Garut rupi-rupi
Katuangan sareng karajinan
Oleh-oleh Garut rupi-rupi
Pangirutan Garut kota Inten
Oleh-oleh Garut rupi-rupi
Katuangan sareng karajinan
Oleh-oleh Garut rupi-rupi
Pangirutan Garut kota Inten