Lirik Lagu : Kamonesan Garut
Judul lagu : Kamonesan Garut
Ciptaan : Asep Kosasih SA
Arr : Didin Dhika
Album : Wisata Garut
Kamonesan garut kasenian garut
Seni nu bihari tradisi talari
Aya surak ibra ti Wanaraja
Baden jeung macapat eta ti Malangbong
Tuh domba Garut tandukna ranggaek
Kasenian domba Garut matak resep ninggalina
Tuh ulin orany penca ti Samarang
Aya resep campur sieun
Nu penca ulin jeung oray
Tuh pantun beton eta ti Pameungpeuk
Bangklung ti Cisurupan
Seni hadroh ti Bungbulang
Cigawiran ti Selaawi
Dodombaan ti Bayongbong
Seni rudat Kampung Dukuh
Seni lais ti Cibatu
Ti Tarogong tembang pasantrenan
Kamonesan Garut kasenian Garut
Seni nu bihari tradisi talari
Aya surak ibra ti Wanaraja
Baden jeung macapat eta ti Malangbong
Tuh domba Garut tandukna ranggaek
Kasenian domba Garut matak resep ninggalina
Tuh ulin orany penca ti Samarang
Aya resep campur sieun
Nu penca ulin jeung oray
Tuh pantun beton eta ti Pameungpeuk
Bangklung ti Cisurupan
Seni hadroh ti Bungbulang
Cigawiran ti Selaawi
Dodombaan ti Bayongbong
Seni rudat Kampung Dukuh
Seni lais ti Cibatu
Ti Tarogong tembang pasantrenan