Lirik Lagu : Garut Pangirut
Judul lagu : Garut Pangirut
Ciptaan : Asep Kosasih SA
Arr : Didin Dhika
Album : Wisata Garut
Harepan... Subur Ma'mur Gemah Ripah Loh Jinawi
Tutuwuhan hejo ngemploh
Pasawahan matak endah
Dilingkung.... Gunung-gunung kapigandrung kapidangdung
Kapiraray ku Cikuray matak betah matak waas
Seueur pisan tempat wisata
Situ Bagendit kumatak narik ati
Cangkuang tempat lalayaran
Cipanas tempat pamandian
Mun sindang ka sayang heulang ulah poho ka santolo
Ngahiang dileuweung sancang leuweung aheng pang deugdeugan
Papandayan ngagupayan
Gunung putri anu asri
Gunung Guntur nu mitutur
Nu waas talaga bodas
Garut endah Pangirutan
Tata Tengtrem Kerta Raharja