Lirik Lagu Dadali Manting - Darso
Judul Lagu : Dadali MantingLirik Lagu :
Vocal : Darso
Ciptaan : Uko H
Album : Pop Sunda Darso 2007 Dadali Manting
Dadali manting ti peuting
Ngalayang ka kalayangan
Neangan nu lawas ilang
Baturna duka kamana ....
Dadali manting ti peuting
Ngalayang ka pilemburan
Hate bingung ka pigandrung
Nu ilang kawas nu pundung...
Memang bongana manehna
Kacida rasa mokaha
Kaduhung sagede gunung
Kumahanya pilampaheun...
Dadali kabawa angin
Teu wasa nandangan lara
Tos teu kadenge deui sorana
Boa... boa....
Boa... boa.... tapi palias teuing....
Dadali manting ti peuting
Ngalayang ka pilemburan
Hate bingung ka pigandrung
Nu ilang kawas nu pundung.....
Memang bongana manehna
Kacida rasa mokaha
Kaduhung sagede gunung
Kumahanya pilampaheun.....
Dadali kabawa angin
Teu wasa nandangan lara
Tos teu kadenge deui sorana
Boa... boa....
Boa... boa.... tapi palias teuing....
Dadali manting ti peuting
Ngalayang ka kalayangan
Neangan nu lawas ilang
Baturna duka kamana...