Lirik Lagu : Kahayang - Wina
Judul Lagu : Kahayang
Artis : Wina
Ciptaan : Endang Oghut
Album : Pop Sunda Vol. 2 Wina
Hariring kuring nu mawa jempling
Ngan hate aya honcewang
Ngagalura jero dada
ngendeuk-ngendeuk kana hate
Tuh angin peuting nambahan jempling
Ngan hate teu bisa simpe
Neteup langit ngukur mega
Harewos nu can laksana
Adu....h, Sing tinekanan...
Geuning iraha arek simpe
Hate... galecok mere harapan
Cita-cita tinekanan
Ulah ukur dina sawangan
Aya kahayang teu kahontal
Hate... peurih asa di geurihan
Bet hese rek ka ubaran
Na... iraha tuh rek kasorang...
Duh... Kahayang rek tinekanan...
Tuh angin peuting nambahan jempling
Ngan hate teu bisa simpe
Neteup langit ngukur mega
Harewos nu can laksana
Adu....h, Sing tinekanan...
Geuning iraha arek simpe
Hate... galecok mere harapan
Cita-cita tinekanan
Ulah ukur dina sawangan
Aya kahayang teu kahontal
Hate... peurih asa di geurihan
Bet hese rek ka ubaran
Na.. iraha tuh rek kasorang...
Duh... Kahayang rek tinekanan...
Duh... Kahayang rek tinekanan...