Lirik Lagu : Kasawang - Bah Dadeng
Judul Lagu : Kasawang
Vocal : Bah Dadeng
Ciptaan : Bah Dadeng
Mun wanci maju kaburit
Nu tembong ngan kingkilaban
Najan caang saliwatan
Nu kasawang implengan ukur salira
Mun wanci datangna peuting
Hate manteng kasalira
Bagja lamun narangkulan
Nu sapertos geugeut nu katukang-tukang
Reff
Nganti-nganti mugi ngancik ka asihna
Malah mindeng nu datang ukur cisoca
Ngarep-ngarep mugi eunteup kadeudeuhna
Malahan mindeng Cisoca hese raatna
Nu kasawang ukur imut salira
Nu kasawang ukur teuteup salira
Nu kasawang ukur Deudeuh salira
Geura pulangkeun kacinta nu di titipkeun
Mun wanci datangna peuting
Hate manteng kasalira
Bagja lamun narangkulan
Nu sapertos geugeut nu katukang-tukang
Reff
Nganti-nganti mugi ngancik ka asihna
Malah mindeng nu datang ukur cisoca
Ngarep-ngarep mugi eunteup kadeudeuhna
Malahan mindeng Cisoca hese raatna
Nu kasawang ukur imut salira
Nu kasawang ukur teuteup salira
Nu kasawang ukur Deudeuh salira
Geura pulangkeun kacinta nu di titipkeun