Lirik Lagu : Gelenyu Ti Pasirlangu - Rika Rafika
Judul Lagu : Gelenyu Ti Pasirlangu
Vocal : Rika Rafika
Ciptaan : Yaya Suharya
Hiliwir angin...
Nyanding asih ngambah tresna
Guntreng cinta...
Tonggoheun lengkob cimata
Pasirhalang nyaksian...
Sarwaning lisan
Lunduk mega ngaiuhan...
Mayungan duriat urang
Waktos ngaso... handapeun dapuran awi
Galindeng sono... noelan ti dasar ati
Waktos cengkat...salira manjangkeun renghap
Bari muntang kana taktak..
Ngarindat matak tibelat
Reff.
Gelenyu Ti pasirlangu...
Nyangred pageuh puhu kalbu
Na amparan jukut sintu...
Meungkeut deudeuh nu saestu
Gelenyu ti pasirlangu...
Manehna sok geuwat muru
Hate geus lila ngalagu...
Gelenyu Ti pasirlangu...
Hiliwir angin...
Nyanding asih ngambah tresna
Guntreng cinta...
Tonggoheun lengkob cimata
Pasirhalang nyaksian...
Sarwaning lisan
Lunduk mega ngaiuhan...
Mayungan duriat urang
Waktos ngaso... handapeun dapuran awi
Galindeng sono... noelan ti dasar ati
Waktos cengkat...salira manjangkeun renghap
Bari muntang kana taktak..
Ngarindat matak tibelat
Reff.
Gelenyu Ti pasirlangu...
Nyangred pageuh puhu kalbu
Na amparan jukut sintu...
Meungkeut deudeuh nu saestu
Gelenyu ti pasirlangu...
Manehna sok geuwat muru
Hate geus lila ngalagu...
Gelenyu Ti pasirlangu...