Lirik Lagu : Deudeuh Teuing - Rita Tila
Judul Lagu : Deudeuh Teuing
Vocal : Rita Tila
Ciptaan : Nano S
Album : Top Parahyangan Rita Tila
Deudeuh... Teuing...
Ngalongkewang ngalanglayung
Bingbang kumalayang
Deudeuh... teuing...
Samar rasa samar polah
Leungiteun kakasih...
Nganaha-naha ka diri
Kunaon kieu jadina...
Nganaha-naha bet asih...
Mun bakal jadi kapeurih...
Dina manis manis cinta
Aya racun namper teu karasa...
Dina warna warna cinta
Aya pulas mupus romantika...
Dina galurana cinta
Suka duka ngarongrong katresna..
Bongan diri teu taliti jeung waspada
Akhirna karasa kaduhung tara tiheula
Taliti jeung ati ati
Cinta mah najan endah loba peurah
Taliti jeung ati ati
Cinta mah Najan raket bisa pegat
Kembali Keatas!