Lirik Lagu : Cireumis - Bah Dadeng
Judul Lagu : Cireumis
Vocal : Bah Dadeng
Ciptaan : Bah Dadeng
Masih keneh aya nu ngalangkung cireumis kamari
Katembong na pucuk eurih tapak ibun janari
Masih keneh aya nu can leungit asih anu muhit
Remeun Kaseuit-seuit na pucuk ati
Reff.
Naha ieu hate hese rek pateubih
Moal beunang rek kasilih
Najan aya gagantina
Lain rek ngabeda-beda
Tapi Dalah anu bukti
Nu tembong ngan ukur nu indit
Lami mulih dipundut yangwidi
Ukur kari tutunggul
Ubar tilam ka eling
Ukur jajap pang du'a
Mugi aya pangampura gusti
Masih keneh aya nu can leungit asih anu muhit
Remeun Kaseuit-seuit na pucuk ati
Reff.
Naha ieu hate hese rek pateubih
Moal beunang rek kasilih
Najan aya gagantina
Lain rek ngabeda-beda
Tapi Dalah anu bukti
Nu tembong ngan ukur nu indit
Lami mulih dipundut yangwidi
Ukur kari tutunggul
Ubar tilam ka eling
Ukur jajap pang du'a
Mugi aya pangampura gusti