Lirik Lagu : Aisan Indung - Bah Dadeng
Judul Lagu : Aisan Indung
Vocal : Bah Dadeng
Ciptaan : Bah Dadeng
Ridho pangampura gusti
Aya ridho ti Indung bapa
Sujud syukur ka gustina
Punjung Indung nu lami ngakandung
Ku kersa mantenna gubrag ka alam dunya
Lahir na lahunan Indung Bapa
Diri diaping dijaring diapit di talingakeun
Raga dijaga diriksa dirawat dipulasara
Karasa asihna karasa nya’ahna
Karasa bagjana nu dibikeun
Aisan asihna moal rek leupas ku mangsa
Hamo arek kasilih wanci
Aisan asihna moal rek peugat ku jaga
Manjang manteung hamo teu kahalang
Reff
Gusti kedah kumaha abdi
Mulangkeun aisan asih nu indung
Gusti kedah kumaha abdi
Nu teu daya jeung nu teu upaya
Ya alloh pika asih aranjeunna
Sapertos miasih abdi taya pegatna
Ya alloh pika asih aranjeunna
Sapertos miasih abdi taya pegatna