Sunday, 26 March 2017

Lirik Lagu : Talaga Warna - Wina

Lirik Lagu : Talaga Warna - Wina

Lirik Lagu : Talaga Warna - Wina
Judul Lagu : Talaga Warna
Artis : Wina
Ciptaan : Wan Thea
Album : Pop Sunda Wina

Langit keur caang béngras ka gambar
Kapulas warna biru ngalinduh
Méga dararatang bodas narémbongan
Katebak ku angin baris rak-arakan

Itu gunungna éta sagarana
Nu ngéplak caina di talaga warna
Tah ieu jalanna nu mapaés rasa
Sok matak kagugah ku éndah alamna

Angin leutik ngahiliwir
Nembrag pasir nu lungkawing
Tatangkalan yag-oyagan
Disabuder situ di talaga warna

Reff
Hibar-hibaran di luhur langit keur caang
Angkleung-angkleungan méga bodas rak-arakan
Eundeuk-eundeukan tatangkalan dadaunan
kateubak angin leutik eundeuk-eundekan

Hibar-hibaran di luhur langit keur caang
Angkleung-angkleungan méga bodas rak-arakan
Riak-riakan talagana ririakan
Matak ngagugah rasa di talaga warna
Matak ngagugah rasa di talaga warna

Itu gunungna éta sagarana
Nu ngéplak caina di talaga warna
Tah ieu jalanna nu mapaés rasa
Sok matak kagugah kuéndah alamna

Angin leutik ngahiliwir
Nembrak pasir nu lungkawing
Tatangkalan yag-oyagan
Disabuder situ di talaga warna

Reff
Hibar-hibaran di luhur langit keur caang
Angkleung-angkleungan méga bodas rak-arakan
Eundeuk-eundeukan tatangkalan dadaunan
kateubak angin leutik eundeuk-eundekan

Hibar-hibaran di luhur langit keur caang
Angkleung-angkleungan méga bodas rak-arakan
Riak-riakan talagana ririakan
Matak ngagugah rasa di talaga warna
Matak ngagugah rasa di talaga warna

Itu gunungna éta sagarana
Nu ngeplak caina di talaga warna
Tah ieu jalana nu mapaés rasa
Sok matak kagugah ku éndah alamna

loading...

Related Posts

Disqus Codes
  • To write a bold letter please use or
  • To write a italic letter please use or
  • To write a underline letter please use
  • To write a strikethrought letter please use
  • To write HTML code, please use or
    or

    And use parse tool below to easy get the style.
Show Parser Box

strong em u strike
pre code pre code spoiler
embed