Lirik Lagu : Inget Ka Lembur - Wina
Judul Lagu : Inget Ka LemburSaur Apa saur ema
Artis : Wina
Ciptaan : Oon B
Album : Pop Sunda Vol 2 Wina
Basa abdi gumelar ka ieu dunya
Cenah dina wanci haneut moyan
Nu harita langit teh kacida lenglang
Goak ceurik nu ngamimitian
Ngabuyarkeun halimun nu mungkus gunung
Dipapag recok manuk na dahan
Di iring ku hiliwir angin tilamping
Tah didinya lembur dilingkung gunung, tempat abdi lahir
Nya didinya lembur nu linduh daunna, tempat abdi ulin
Tah didinya lembur nu seger hawana, abdi di gedekeun
Nya didinya lembur nu curcor caina, nu pikabetaheun

Lembur endah tempat dilahirkeun
Kiwari ku abdi ditinggalkeun
Ngadu nasib lunta ka kota
Duh dikota geningan kalah sangsara
Ema apa abdi inget ka lembur
Ema apa di kota katalangsara