Lirik Lagu Sunda Nu Ditundung - Rika Rafika
Judul Lagu : Nu DitundungLirik Lagu :
Vocal : Rika Rafika
Ciptaan : Ki Ihin
Album : Milang Bentang
Deudeuh teuing hiji Indung
Datang jauh ditalapaung
Ditutunjuk di tutundung
Di usir kawas nu burung
Deudeuh ema masing sabar
Putra ema keur ka sasar
Kaurugan nu nyabrangna
Ngaku indung oge hina
Duh pangeran nu kawasa
Sadarkan eta manusa
Ngurus indung cenah ripuh
Ingon-ingon mani lintuh
Nukitu eta doraka
Bisi asup kana raka
Majar indung ngaheurinan
Gening poho ka wiwitan
Burung palung bodo gelo
Indung kudu dipisono
Gera sujud prak munjungan
Muka lawang kabagjaan
Sarta nabi geus marentahkeun ka sakumna manusa
Pikeun milampah laku hade ka kolotna
Pikeun indung nu ngakandung
Dina kaayaan lemah malah tambah lemah
Deudeuh teuing hiji Indung
Datang jauh ditalapaung
Ditutunjuk di tutundung
Di usir kawas nu burung
Deudeuh ema masing sabar
Putra ema keur ka sasar
Kaurugan nu nyabrangna
Ngaku indung oge hina
Duh pangeran nu kawasa
Sadarkan eta manusa
Ngurus indung cenah ripuh
Ingon-ingon mani lintuh
Nukitu eta doraka
Bisi asup kana raka
Majar indung ngaheurinan
Gening poho ka wiwitan
Burung palung bodo gelo
Indung kudu dipisono
Gera sujud prak munjungan
Muka lawang kabagjaan