Tuesday, 31 January 2017

Rika Rafika - Cinta Biru Lirik

Rika Rafika - Cinta Biru Lirik

Lirik Lagu Sunda Cinta Biru - Rika Rafika
Judul Lagu : Cinta Biru
Vocal : Rika Rafika
Ciptaan : Wahyu Roche
Album : Milang Bentang
Lirik Lagu :
Mipir-mipir sisi basisir
Mapay-mapay cadas nu ngampar
Nete akar ngeumbing jangkar

Lempang paduduaan
Silih ceupengan panangan
Dibasisir pakidulan

Amparan samak saheulay
Ngajadi ciri nu pasti
Tepungna dua saati

Nawanci maju sarepna
Mangsa surupna sangsurya
Hurung ngempur cahayana

Paheut jangji mimiti
Waktos urang tepang deui
Mukakeun rasa jeung rasa
Dibasisir pakidulan

Kateguhan cinta urang
Lir teguh batu karangna
Biru warna cinta urang
Lir biru cai lautna

Mipir-mipir sisi basisir
Mapay-mapay cadas nu ngampar
Nete akar ngeumbing jangkar

Lempang paduduaan
Silih ceupengan panangan
Dibasisir pakidulan

Amparan samak saheulay
Ngajadi ciri nu pasti
Tepungna dua saati

Nawanci maju sarepna
Mangsa surupna sangsurya
Hurung ngempur cahayana

Paheut jangji mimiti
Waktos urang tepang deui
Mukakeun rasa jeung rasa
Dibasisir pakidulan

Kateguhan cinta urang
Lir teguh batu karangna
Biru warna cinta urang
Lir biru cai lautna

Biru warna cinta urang
Lir biru cai lautna

loading...

Related Posts

Disqus Codes
  • To write a bold letter please use or
  • To write a italic letter please use or
  • To write a underline letter please use
  • To write a strikethrought letter please use
  • To write HTML code, please use or
    or

    And use parse tool below to easy get the style.
Show Parser Box

strong em u strike
pre code pre code spoiler
embed